About


Hi, my name is Irpan. I live in Indonesia. This blog is to provide you with my trip stories, my ideas and some other things.

Facebook

BloggerHub

Connect with me

Jadwal Sholat

Sisindiran Nini Anteh

Posting Komentar


Trang koléntrang trang koléntrang
Silondok paéh nundutan
Peuting ra'ang ngebrak caang
Di pondok Ujang nengetan

Bulan batok bulan batok
Bulanna sagédé tampir
Weléh hélok weléh hélok
Si Ujang keur jero mikir

Pucuk Kalapa jeung Mangga
Aroyag najan keur simpé
Inget lalakon ti Ema
Amun eukeur diparéndé

Teu lila Ga'ang nu gandéng
Patémbalan meni téréh
Rék saré Ema ngadongéng
Lalakona nini Antéh

Kalangkangna Saliara
Teu éléh panjang ngagemat
Kocap kacarita téa
Ni Antéh jeung Candramawat

Anu jangkungna pohara
Rungkun awi, Awi Bitung
Cicing di Bulan ngumbara
Ninun waktu kentrung-kentrung

Lalay hiber meni rabeng
Néangan dahar buahna
Ujang angger rasa hemeng
Kuma Nini ka bulanna

Lalayna kurang saeundan  
Nyamberan Peuteuy sapapan
Si Ujang ku panasaran
Hayang pisan ngarandapan

Nyiruan sararé kabéh
Dijuru sayangna ratu
Ka Bulan ka nini Antéh
Guguru élmuna waktu

Ngagembrong hateup buruan
Sajalon wungkul nyiruan
Keur anteng neuteup ka Bulan
Itu naon ngadeukeutan?

Kembangna jeung dangdaunan
Sarupaning sisieupeun
Leumpang siga lalaunan
Tapi geuning geus hareupeun

Surupna siki Kawéni
Na taneuh pikeun ngajadi
Ngawujudna hiji nini
Tapi masih kénéh nyari

Ngarayap Kadal leumpangna
Teu jauh aya liangna
Najan teu kedal kecapna
Ujang wawuh ka anjeunna

Tina kembang sawaréhna
Nya Anggrék Bulan ngaranna
Ieu Nini Antéh téa
Anu di Bulan ngumbara

Kembang deui nu séjénna
Siga anu di Cilamé
Ujang saharita nanya
Sagala ganjelan haté

Peuting geuning beuki jempling
Wancina guriang tandang
Anaking ku deudeuh teuing
Si Ujang nu hayang nganjang

Mawana sirep dibaca
Nyieun surup ka sirungna
Wayahna hidep can bisa
Sabab can sanggup ngapungna


Sirung kudu dilelemu
Akarna kudu disangga
Ngapung wudu butuh élmu
Ngajomantara ku banda

Sugan jadi sugan wani
Binih ngacambah na wadah
Kutan kitu geuning nini
Ka Bulan teu sagawayah

Antik bulan cahayaan
Caang kabéh mayapada
Sidik pisan kaayaan
Ujang ayeuna can bisa

Budak ngariung bidara
Di buruan anu mabra
Bisa ngapung jomantara
Ka Bulan jeung béh dituna

Haliwu répéh ku simbut
Si nyai kakarék hudang
Gelenyu ni Antéh imut
Ngarti ngangluhna si Ujang

Ngabungbang hayu ngabungbang
Ningali bulan janari
Ieuh Ujang tong salempang
Geura si beneran diri

Ngajajar Mega teu nyaram
Teu hésé nyangsang na jambé
Diajar tong haroréam
Digawe diengké-engké

Darariuk na palupuh
Ngariung nyaro'o kuya
Waktu kapaké teu puguh
Banda béak poya-poya

Surup waktu kabeurangan
Nyoro balebat pisahan
Hirup éstu teu sirungan
Komo deui ka buahan

Wanci beurang murub mubyar
Alam dunya tembong kabéh
Si Ujang harita sadar
Kana pituduh ni Antéh

Jalma indit ka kasabna
Aya oge ka tampian
Geuningan ieu sababna
Aing teu bisa ka Bulan

Tiap jalma gawé nyata
Miang mulang ke sareupna
Kocap mimiti harita
Ujang ngarobah sikepna

Nu tani subur lahanna
Anu ngahuma sugema
Nu tadina ukur nyanda
Robah jatnika percéka

Cibingbin sirahna cai
Nyaian sawah jeung reuma
Tigin kana jangji ati
Ka Bulan jeung beh dituna


Bandung, 15 Februari 2021
Irpan Rispandi 3roet
 
Sumber Foto:
epnri.indonesiaheritage.org



Related Posts

Posting Komentar